Contoh guguritan (Dangdangdula)
guru lagu +guru wilangan = 10i, 10a, 8e/o, 7u, 91, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
Matak waas ningal pasir ngelir,
tingarumpluk tatangkalanana
daunna ngarempoh hejo
dipungkur aya gunung
gede luhur munggah ngadingding
nu katembong puncakna
munclut semu biru
ditinggal ti kajauhan
siga pisan pidingding panghalang angin
ngahudang lalamunan